Jumat, 12 Maret 2010

NALUNGTIK BANGSAT

Ba’da sholat Magrib Caca, Tatang jeung Genyas geus kaluar ti Masjid, terus ngajugjug tegal paragi maen bal. Laeumpangna teu mapay jalan biasa tapi mipir-mipir imah. Jog anjog ka sisi tegal, tuluy nyalingker kana rungkun handapeun tangkal limus. Caca jeung Genyas mekel paneunggeul tina ruyung, ari Tatang mekel Ketepel, batuna ngahaja meunang milihan nu baruleud sagede-gede kaleci.Tatang teh jagon dina soal Keketepelan mah. Mnehna kungsi meunang hadiah kahiji ti SD na waktu diayakeun pertandingan pabisa-bisa ngetepel mamanukan “Keur naon mawa ketepel, Tang ? manasina rek moro manuk “, omong Genyas.
“Make keur naon ! mun keuna kana tarangna atawa kana puhu ceulina, moal teu ngajoprak mangkelukna, “ jawab Tatang.
Nepika ba’da Isya barudak teh ngadedempes we di sisi tegal. Tapi nu diintipna can jebul wae. Mun aya tea mah jelema leumpang ngaliwat tegal, moal teu atra sabab harita teh keur caang bulan.
Di saung kadenge Ki Mahdi batuk sababaraha kali manehna teu nyahoeun yen handapeun tangkal limus aya barudak tiluan keur ngintip bangsat.
Omong Genyas, “mun di saung geus aya Ki Mahdi bangsatna ge moal wanieun yu urang balik we isukan urang coba deui.
Tidinya barudak tuluy baralik rerencepan pisan sabab bisi kanyahoan ku Ki Mahdi.
Opat poe lilana barudak henteu maen bal. Eukeur mah bal na raruksak, katurug-turug manehna sieun dituding maling jeruk ku Ki Mahdi.
Aneh, ari euweuh nu maen bal mah euweuh deui nu maling jeruk ge kusabab eta beuki kandel kayakinan Ki Mahdi, yen nu maling jeruk teh baudak nu tos maraen bal. Buktina ari uweuh nu maen bal mah kebonna aman.
Dua peuting noron Caca, Tatang jeung Genyas ngintip bangsat jeruk tapi nyamos.
Omong Genyas, Ah bener diatur malingna teh euy ! mun urang sorena maen bal kakara manehna maling amih urang katudingna. Buktina urang optan teu maen bal, euwueh deui nu laha-loho ka kebon jeruk ge.
Poe kalimana barudak maraen bal deui sakumaha biasa sabab balna geus diomean. Sabot barudak keur maen bal, Ki Mahdi nenjokeun bari diuk di sisi tegal. Barudak teu raresepeun ditenjokeun ku Ki Mahdi teh. Sasarina ge tara lalajo nu maen bal. Dasar Atang budak bangor, gorowok we “ Ki .... urang maen bal! Balna ngala ti kebon aki nu arasaaak.....!
Barudak teu kuateun nahan piseurieun. Ki Mahdi jamedud leos we ka saung.
Bubar maen bal, Tatang, Caca jeung Genyas baradami deui rek ngintip bangsat.
Omong Genyas, “Aya ayeuna mah, sabab tadi beurangna urang maen bal.”
Ba’da magrib tilu barudak geus ngadedempes tukangeun rungkun deukeut tangkal limus.
Bener we ayeuna mah. Teu kungsi saparapat jam, Genyas ngaharewos, “Tuh tenjo sisi susukandeukeut dapuran cau, aya anu ongko-ongkoan. Ti dinya geuning jalanna teh, ti handap, ti susukan saat. “
Barudak narahan ambekan, aya atoh aya sieun. Kalacat nu ongko-ongkoan teh naek kana pager, sup ka kebon jeruk, les bae teu katenjo deui.
“Urang tenjo di tempat hanjatna, tangtu manehna teuteundeunan “ Ceuk Genyas.
Barudak ting darepong ngadeukeutan dapuran cau, tuluy tarurun ka susukan saat. Enya we sangkaan Genyas teu salah. Di handap aya tolombong dituruban ku kararas.
“Ari geus kitu kumaha ?” Tatang nanya ka Genyas.
Walon Genyas, “urang dagoan didieun, nyumput di ditu tuh, tukangeun dapuran cau. Geus tangtu engke jerukna dieurihkeun kana tolombong. Lamun si Bangsat keur ngeurihkeun, urang betahkeun.
Barudak ngahephep teu empes-empes. Hawar-hawar ti kajauhan Aki Mahdi babatukan balik ti masigit. Henteu lila golotrak sada nu naek kana pager, torojol jelema dibaju hideung disalindang samping. Leumpangna dodongkoan, leungeun duanana dipake nahan samping nu mondoyot pinuh ku eusi.
Tatang rumpa-rampa kana pesakna rek nyokot batu, tapi dicekel ku Genyas. “Tong diketepel, Tang! Antep we ! mun rek rigidig manggul tolombongna urang betahkeun!
Barudak teu kudu lila ngadagoan sabab nu ongko-ongkoan geus tepi kana tolombongna. Bener we, jeruk nu diais dieurihkeun kana tolombong bari luak lieuk
Barang rek dipanggul, Genyas ngagero, “Siap......! Baranyay batre.
Nu dibetahkeun reuwas, tolombong diragragkeun, dergdeg lumpat mapay susukan saat. Ngan sakilat diudag ku Caca, dituturkeun ku Tatang jeung Genyas nu ngabatrean. Bari lumpat Tatang masang ketepelna. Si Bangsat lumpat mani notog-notogkeun maneh, tapi kaudag ku Caca. Ngan sasiet bangsat ditengkas sukuna, blug labuh. Jol Tatang jeung Genyas. Barang bangsat rek hudang deui, diasongkeun gegendir ku Tatang jeung Genyas.
“Ampun......ampun .....” ceuk nu kokosodan. Jekok ditonjok tarangna bari ngomong, “Beunang siah nu malingan jeruk teh .....!”
“Ampun Jang ....! Ampun moal deui-deui ...!”
“Hayang nyaho mangkelukna,” Omong Genyas bari ngabatrean nu keur cingogo.
Barang baranyay dibatrean, barang gero barudak nu tiluanana bari bareng, “ Ya Alloooh geuning maneh!”
Nu cingogo gek diuk, tuluy diriung ku tiluan. Teu nyangka sacongo rambut, yen bangsat jeruk teh sihoreng baturna maen bal, Jured ngaranna, nu sok ngiperan.
Jured jung nangtung deregdeg lumpat ka lebak bari dikongkoyang samping. Jeurk meunang malingna mah cul bae pabalatak, ku baudak diantep henteu diudag.
“Ari geus kieu kumaha ?” Tatang nanya ka Genyas
Walon Genyas, “Keun bae sina balik. Tong dibejakeun ka Ki Mahdi mah yen nu maling jeruk teh si Jured. Urang sebutkeun bangsatna lumpat, ieu jerukna. Hayu we ayeuna mah urang ka saung.”
Jeruk nu pabalatak dipulungan, tuluy diasupkeun kana tolombong, dibawa ka saung Ki Mahdi.
Aki Mahdi gegeroan, “saha eta ribut-ribut....?”
“Kuring Ki, tas newak nu maling jeruk.”
Ki Mahdi kaluar bari mawa lentera, manehna olohok, barang nenjo barudak mawa tolombong dieusi jeruk.”
Barudak ngadongengekun pangalamanana, yen geus sababaraha peuting ngintip bangsat jeruk. Ki Mahdi atoheun pisan. Ka barudak manehna menta dihampura. Atuh barudak baralikna ngantongan jeruk paseh nu arasak.
Ti harita kebon jeruk Ki Mahdi euweuh nu ngaganggu deui. Atuh barudak Tegaljambe jarongjon maraen balna. Ngan Jured teu katempo deui ngiperan. Eraeun meureun, atawa sieuneun ku Ki Mahdi. Padahal nu nyahoeun yen manehna maling jeruk mah, ngan Genyas, Tatang jeung Caca. Nu sejenna mah euweuh nu dibejaan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar